A. Upacara Adat nu Kakandungan
1. Sukuran Opat Bulanan
Upacara opat bulanan dilaksanakeun minangka béwara ka tatangga jeung dulur-dulur nu dareukeut yén hiji awéwé keur aya dina mangsa kakandungan. Biasana ieu upacara dilaksanakeun ku cara ngulem ibu-ibu pangaosan pikeun macakeun doa salamet, biasana mah doa nurbuwat atawa doa lianna sangkan orokna séhat, salamet, sarta sampurna teu kakurangan nanaon.
2. Upacara Tujuh Bulanan (Tingkeban)
Upacara tingkeban nya éta upacara nu dilaksanakeun nalika kandungan hiji awéwé nincak umur tujuh bulan. Ieu upacara dilaksanakeun sangkan indungna jeung orok nu lahir téh salamet. Dina ieu upacara biasana diayakeun pangaosan kalawan maca surat-surat nu aya di Al-Quran kayaning surat Yusuf, surat Lukman, jeung surat Maryam.
Salian ti éta disadiakeun ogé sawatara alat pikeun ngamandian awéwé nu keur kakandungan sarta nu utamana mah rujak nu ngawengku tujuh rupa bungbuahan. Awéwé nu keur kakandungan dimandian ku tujuh urang kulawarga nu pangdeukeutna kalawan giliran, dipingpin ku saurang paraji ngagunakeun tujuh samping nu dipaké hiji-hiji sacara giliran dina unggal siraman. Dina siraman nu katujuh diasupkeun belut nepi ka keuna kana beuteung nu keur kakandungan. Ieu hal miboga maksud ngalahirkeun orok téh lungsur langsar, leueur siga belut. Bareng jeung bijilna belut, kalapa gading nu geus digambaran tokoh wayang (Arjuna atawa Srikandi) ku salakina dibeulah maké bedog. Hal ieu dimaksudkeun sangkan orok nu dikandung jeung kolotna bisa milampah hal-hal nu hadé. Gambar Arjuna jeung Srikandi ogé dipercaya nangtukeun orok awéwé atawa orok lalaki nu engké bakal lahir.
Sanggeus bérés dimandian tuluy didangdanan sarta dibawa ka tempat rujak nu geus disadiakeun. Tuluy éta ibu hamil téh ngajual rujak ka tatamu jeung barudak nu ngaluuhan éta upacara. Tatamu jeung barudak meuli éta rujak maké talawéngkar nu geus dibunderkeun siga duit récéh.
Pancén salakina mah kudu miceun sésa mandi kayaning cai, belut, kembang jeung sajabana ka jalan parapatan.
3. Upacara Salapan Bulanan
Ieu upacara dilaksanakeun nalika umur kandungan geus nincak salapan bulan. Dina ieu upacara diayakeu pangaosan sarta nyieun bubur lolos minangka simbul sangkan dipaparin kalancaran nalika ngalahirkeun.
4. Upacara Reuneuh Mundingeun
Upacara reuneuh mundingeun dilaksanakeun upama awéwé nu kakandungan leuwih ti salapan bulan. Ieu upacara diayakeun sangkan nu keur kakandungan téréh ngalahirkeun. Dina prak-prakanana, beuheung nu kakandungan dikangkalungan kolotok munding sarta ditungtun ku indung beurang bari maca doa ngurilingan kandang munding. Upama euweuh kandang munding bisa diganti ku ngurilingan imah nu lobana tujuh kali.
B. Upacara Kalahiran jeung Ngurus Orok
1. Upacara Ngarawatan Bali atawa Santen
Bali mangrupa daging sagebleg nu disambungkeun ku tali ari-ari kana bujal jabang bayi. Ieu bali ulah dipiceun sagawayah, tapi kudu diurus heula saperti dibungbuan maké uyah, asem, jeung gula. Tuluy ditutup maké kaén bodas nu geus diliangan ku awi leutik. Sanggeus kitu tuluy dibawa, dikuburkeun di pipir imah atawa leuit. Sangkan ti jero kuburan bali bisa kaluar hawa sok dipalitan nolol luhureun taneuh sarta teu beunang kapepedan.
2. Upacara Nenjrag Bumi
Upacara nenjrag bumi nya éta upacara nakolkeun halu nu lobana tujuh kali deukeut jeung éta orok. Salian ti éta, bisa ogé ku cara ngagolérkeun orokna di luhureun méja tuluy indung beurang ngagebrag éta méja. Ieu upacara dilakukeun sangkan éta orok henteu reuwasan.
3. Upacara Puput Puseur
Sanggeus orok leupas tina tali ari-arina biasana diayakeun salametan. Ieu upacara dimimitian ku indung beurang nu neukteuk tali ari-ari tuluy diasupkeun kana kanjut kundang, disindekelkeun kana duit pérak ditindihkeun ku konéng temen, ari hinisna nu beunang nyuat tina érang-érang atawa gantar dikeureutkeunana kana konéng temen heula. Ieu upacara dilaksanakeun sangkan budakna jaga panjang umurna, mujur hirupna, jeung awak sampayeun.
4. Upacara Ékah
Upacara ékah nya éta upacara nebus jiwa budak minangka paméré ti Gusti atawa mangrupa hiji ébréhan rasa sukur alatan geus dipaparin budak ku Gusti Nu Maha Kawasa sarta mangrupa pangharepan sangkan budakna dijadikeun budak nu soléh ku cara meuncit domba atawa embé. Ieu upacara biasana dilaksanakeun sangegus orok umurna 7 poé, 14 poé, atawa 21 poé.
Nu kudu disadiakeun dina ieu upacara nya éta domba atawa embé keur peunciteun. Upama budakna lalaki, dombana kudu dua jeung upama budakna awéwé cukup hiji. domba peuniteun kudu ngalengkepan sarat sato kurban.
5. Upacara Nurunkeun
Upacara nurunkeun nya éta upacara munggaranana orok dibawa ka buruan imah. Minangka beware yén éta orok geus bisa dibawa ka luareun imah. Ieu upacara dilaksanakeun sanggeus tujuh poé upacara puput puseur. Dina prak-prakanana biasana mah diayakeun pangaosan pikeun kasalametan indung jeung orokna.
6. Upacara Cukuran/Marhabaan
Upacara marhabaan dilaksanakeun pikeun meresihan buuk orok tina sagala rupa najis. Ieu upacara ogé mangrupa ébréhan rasa sukur ka Gusti Nu Maha Kawasa. Ieu upacara dilaksanakeun nalika orok umurna 40 poé. Dina prak-prakanana, éta orok digolérkeun di tengah-tengah tatamu uleman sarta dibarengan jeung baskom nu dieusian ku kembang tujuh rupa sarta gunting nu maké gagantél perhiasan mangrupa ali atawa geulang nu dipaké pikeun nyukuran buuk orok. Tuluy tatamu nu aya didinya mimiti ngadoa atawa disebut marhabaan nya éta pupujian nu eusina muji kana sipat-sipat nabi Muhammad saw. Tuluy buuk éta orok dicukur saeutik ku sababaraha urang nu aya di éta tempat.
7. Upacara Turun Taneuh
Upacara turun taneuh nya éta upacara munggaranana éta orok nincakeun sukuna kana taneuh. Ieu upacara dilaksanakeun nalika éta orok geus rada gedé sanggeus bisa ngorondang atawa léléngkah halu. Ieu upacara miboga maksud sangkan budak téh nyaho kana hal-hal nu sipatna kadunyaan. Kalengkepan nu kudu disadiakeun nya éta rupa-rupa kadaharan, samak atawa taplak bodas, pare sakeupeul, perhiasan emas (kangkalung, geulang, cingcin), jeung duit.
Nalika para tatamu geus kumpul, dilaksanakeun doa salametan sanggeus éta orok diais tur dibawa ka luar imah. Di buruan imah geus disadiakeun rupa-rupa kadaharan, perhiasan emas, jeung duit nu diteundeun di luhureun kaén bodas. Sanggeus kitu, suku budak ditincakkeun kana éta pare atawa kadaharan, emas, jeung duit. Ieu hal dimasksudkeun sangkan éta budak kahareupna pinter néangan nafkah. Tuluy éta budak dileupaskeun sina ngorondang. Para tatamu ningalikeun barang naon nu munggaran dicekel ku éta budak. Upama nu munggaran dicekelna pare, némbongkeun yén engkéna éta budak bakal jadi patani. Upama nu dicekelna duit, nandakeun yén engkéna éta budak bakal jadi saudagar. Kitu ogé nalika nu dicekelna emas nandakeun éta budak bakal jadi jalma nu miboga kalungguhan nu dipikahurmat jalma lian.
C. Upacara Mangsa Budak
D. Upacara Adat Jatukrami1. Upacara Gusaran
Gusaran nya éta ngaratakeun huntu budak awéwé nu dipingpin ku indung beurang sarta maké alat husus sangkan huntuna rata tur katingalina leuwih geulis. Ieu upacara dilaksanakeun upama umur budak geus nincak tujuh taun.
2. Upacara Sepitan/Sunatan
Upacara sunatan dilakukeun sangkan bobogaanana beresih tina najis. Ieu upacara dilaksanakeun nalika budak lalaki nincak umur genep taun. Nu sok nyunatan biasana disebut béngkong atawa paraji sunat.
Bareng jeung budakna disunatan, biasana kolotna nyadiakeun bakakak hayam jeung kadaharan lianna sarta nanggap sawatara hiburan saperti sisingaan jeung wayang. Sanggeus budakna disuntan, tuluy dibawa ka jero imah. Teu lila tidinya, tatamu daratang yuluy nyecep ka éta budak nu disunat.
1. Upacara Saméméh Akad Nikah
a. Neundeun omong nya éta ménta budak awéwé ka kolotna sangkan dikawinkeun atawa kawinkeuneun ka anakna nu sipatna susuganan kénéh sarta biasana mah nyaritana ogé bari heureuy-heureuy acan.
b. Ngalamar atawa nanyaan nya éta nanya ka itu ka ieu. Nanyana téh lain baé ka budak awéwéna tapi ka kolotna ogé, babakuna ka bapana. Ngalamar asalna tina kecap ngalemar lemesna tina nyeupah alatan baheula mah nu nanyaan téh nurutkeun adat talari paranti kudu baé mawa seupaheun minangka kagegelan ka nu rék diunggahan.
c. Sésérahan atawa papasrahan nya éta masrahkeun pipanganténeun lalaki ka pimitohaeunana sabab rék dikawinkeun ka anakna. Dina ieu acara biasana diluuhan ku kulawarga deukeut calon panganténna. Salian ti masrahkeun calon pipanganténeun lalaki ogé masrahkeun barang-barang mangrupa duit, papakéan, peerhiasan, kosmétik, jeung sajabana luyu jeung kamampuh pihak calon pangantén lalaki. Dina aleutan nu sésérahan pipanganténeun lalaki leumpangna di hareup, digondéng ku nu ngaluluguan atawa babaturanana, di tukang anu marawa baki ditanggeuy anu marawa gotongan katut anu nganteur lianna. Ieu upacara dilakukeun sapoé atawa dua poé saméméh hari H. Aya ogé nu ngalaksanakeun ieu upacara saméméh akad nikah.
d. Ngeuyeuk seureuh nya éta migawé sarta ngatur seureuh sangkan jadi lungkun (gulungan-gulungan seureuh). Luluguna nerangkeun jeung metakeun sapatemonna pangantén.Ieu upacara dilaksanakeun biasana pasosoré piisukaneun walimah. Anu ngalampahanana ngan awéwé wungkul sarta nu geus aya umur. Luluguna saurang nu geus ahli kana hal éta sarta dina hirupna tepi ka kolot kudu teu kanyahoan atawa teu kabéjakeun aya codékana. Ieu hal alatan pribadina kudu nerangkeun mana nu teu hadé anu kudu disingkahan jeung mana nu hadé nu kudu dipilampah dina laki rabi
2. Upacara Adat Akad Nikah
Ieu upacara dilaksanakeun upama geus nyumponan katangtuan-katangtuan nu geus ditangtukeun dina agama Islam jeung adat Sunda. Eta katangtuan ngawengku ayana kahayang ti kadua calon pipanganténeun, kudu aya wali nikah nya éta ti bapa calon pangantén awéwé atawa wawakilna nu sah, ijab Kabul, saksi, sarta mas kawin. Nu mingpin akad nikah nya éta naib atawa pajabat Kantor Urusan Agama.
Upacara adat nikah biasana dilaksanakeun di masigit atawa imah calon pipanganténeun awéwé. Anapon prak-prakanana nya éta kadua pipanganténeun diuk ngaréndéng bareng jeung kolotna séwang-séwangan. Diuk pahareup-hareup jeung naib nu di kénca jeung di katuhuna dibarengan ku 2 urang saksi jeung tatamu nu diulem. Nu ngawinkeun kudu wali ti pihak awéwé atawa ngawakilkeu ka lebé. Kalimah ngawinkeun ti lebé disebut ijab sedengkeun jawaban ti pihak lalaki disebut Kabul. Sanggeus ijab Kabul dituluykeun ku nanda surat nikah. Upacara dipungkas ku pamasrahan mas kawin ti pangantén lalaki ka pangantén awéwé.
3. Upacara Adat Sanggeus Akad Nikah
a. Sungkeman nya éta kadua pangantén sungkem ka kadua kolotna pikeun meredih dua pangjurung jeung pangbagéa.
b. Upacara sawér atawa nyawér nya éta upacara nguwar-ngawur bahan-bahan sawér nu salawasna sok dilampahkeun di panyawéran (taweuran). Bahan keur nyawér geus disadiakeun ti barang ngeuyeuk seureuh mangrupa rampé atawa kekembangan, béas bodas, konéng meunang nyiksikan aripis, duit récéh logam, sarta tékték sajodo. Nalika nyawér, Ki Juru Sawér sok ngawur-ngawur eusi bokor nu mangrupa babahanan sawér téa. Baheula mah dina nyawér téh sok dipaké lagu-lagu husus paranti nyawér, tara pacorok jeung urusan séjén, kitu deui guguritanana husus maké sa’ir paranti nyawér anu 4 jajar 4 jajar. Tapi béda jeung kiwari, lalaguan nyawér téh nurutkeun karesepna nu nyawér baé, malah umumna makéna téh tembang macapat, jadi guguritanana ogé guguritan tembang. Babakuna mah anu sok dipaké téh nu parondok saperti Kinanti jeung Asmarandana. Anapon ma’na tina éta tembang téh nya éta méré du’a sarta piwuruk keur kahareupna dina milampah laki rabi.
c. Upacara ngaleupaskeun japati nu mangrupa simbul hiji indung nu ngajurung tawekal ka putra istri kaasih. Salian ti éta Hiji-hijina bangsa manuk nu tara ganti bikang tara ganti jalu nepi ka pati tur tara diadu antara jalu jeung bikang nya éta japati.
d. Upacara bantayan nu ngawengku:
a. Upacara nincak endog nu prak-prakanana téh dimimitian ku pangantén lalaki dina tundagan kahiji muka selop tuluy ngadampal endog sina peupeus ku sakali nincak nepi ka sukuna lamokot ku endog.
b. Sibanyo nu prak-prakanana dimimitian ku pangantén awéwé nyokot kendi keur sibanyo salakina (ngumbah suku nu lamokot ku endog) tuluy dielapan ku anduk leutik. Kendi nu geus kosong, ku pangantén awéwé dibantingkeun nepi ka peupeus.
c. Nincak élékan mangrupa upacara ngadampal élékan (sonsong tamiang leutik) nepi ka peupeus nu dilakukeun ku pangantén lalaki.
d. Meuleum harupat dimimitian ku pangantén awéwé nyokot harupat nu geus disadiakeun tuluy dibeuleum diseungeutkeun kana lilin nu tuluy-tumuluy ngagateng téa. Sanggeus hurung dipareuman ku leungeun ku cara dipencet ku indung leungeun jeung curuk. Tuluy dipotongan dialungkeun ka luar.
e. Upacara buka pintu nya éta upacara nu dimimitian ku pangantén awéwé nu asup ka jero imah sedengkeun pangantén lalaki nungguan di luar. Ieu hal némbongkeun yén pangantén awéwé moal waka mukakeun panto imah saméméh pangantén lalaki ngucapkeun sahadat. Sanggeus maca sahadat, panto dibuka sarta pangantén lalaki asup ka jero imah bari tanya jawab nu dilakukeun ku tembang nu dihaleuangkeun ku juru tembang.
f. Upacara huap lingkung nya éta upacara silih huapan kadaharan nu geus disadiakeun (bakakak hayam, sangu konéng atawa sangu ketan jeung sajaban) antara pangantén lalaki jeung pangantén awéwé. Kaduana diuk pagigir-gigir tuluy ngabenyéng bakakak (ku duaan) pabenyéng-benyéng nepi ka pegat. Tuluy huap lingkung (carana: leungeun pangantén lalaki nu katuhu nyekel sangu ketan tuluy dirangkulkeun kana punduk pangantén awéwé bari ngahuapkeun sangu ka pangantén awéwé jolna ti beulah katuhu pangantén awéwé. Leungeun pangantén awéwé nu kénca ngaléng pangantén lalaki, leungeun katuhuna nyekel sangu ketan tuluy ngahuapan pangantén lalaki.
E. Upacara Kapapaténan
Sacara gurat badagna, runtuyan upacara adat nalika aya nu kapapaténan dimimitian ku ngamandian layon, mungkus layon ku boéh, nyolatan layon, nguburkeun layon, sarta tahlilan nu mangrupa dibacakeuna doa jeung wiridan ka Allah Swt sangkan arwah jalma nu tilar dunya ditarima iman jeung islmana sarta ngadoakeun sangkan kulawarga nu ditinggalkeun dipaparin kasabaran. Tahlilan dilaksanakeun unggal sore atawa unggal peuting dina poé kahiji, tiluna, tujuhna, matangpuluh (opat puluh poéna), natus (saratus poé), mendak taun (sataun), jeung néwu (sarébu poéna).